Sabtu, 06 Juli 2013

Kakawihan jeung Kaulinan Sunda



1. Wangenan Kakawihan
            Kakawihan asal kecapna tina kawih, anu hartina rakitan basa sabangsa dangding nu teu maké patokan pupuh. Ari ngawih nya éta ngalagukeun kawih atawa sisindiran. Ieu kakawihan téh kaasup kana folklor lisan wangun puisi klasik atawa sastra buhun, gelarna dina sastra Sunda mangrupa sastra sampakan. Tapi nu boga kakawihan téh lain ngan ukur urang sunda waé, unggal sélér bangsa ogé miboga kakawihan séwang-séwangan.
            Istilah kawih ieu geus lila disebut-sebut ku urang sunda, di antarana nu ditulis dina naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesian
Hayang nyaho di Sakweh ning kawih ma: kawih bwatuha, kawih panjang, lalaguan, kawih panyaraman…………………………………(SSKK:83)
            Upama niténan éta teks, sakurang-kurangna kecap kawih digunakeun dina sabudeureun taun 1518 M, malah mungkin bisa leuwih awal. Ngaran kawih anu disebut dina teks teu bisa dicindekeun naha kakawihan atawa tembang ayeuna.
            Tapi istilah kakawihan kiwari dihartikeun lagu-lagu anu sok dinyanyikeun ku barudak bari ulin nepi ka sakapeung disebut kakawihan barudak atawa kaulinan barudak. Wibisana spk.(2000:387) nyebut lagu ra’yat, hartina lagu jeung lirikna geus baku, sipatana anonim jeung nyebar ti jaman baheula.

2. Ciri- ciri Kakawihan
            Lantaran kakawihan bagéan tina folklor, ku kituna sabagian ciri folklor dipimilik ku kakawihan, diantarana:
v  Sumebarna tatalépa ngaliwatan lisan, nu matak kakawihan sok disebut sastra balaréa
v  Sipatna tradisional
v  Aya varian jeung versi, upamana aya teksna nu béda sautak-saeutik sedengkeun wirahmana sarua atawa sabalikna
v  Umumna anonim
v  Polos jeung lugu, sakapeung jiga kasar jeung spontan (Dananjaya, 1984:3-4)

3. Klasifikasi Kakawihan
            Kakawihan  bisa diklasifikasikeun dumasar fungsina, basana, waktu ngawihkeunana jeung eusina. Dumasar fungsina, kakawihan dibagi deui jadi sababaraha bagéan:
·         Kakawihan pikeun kaulinan, contona: cingciripit, ayang-ayang gung
·         Kakawihan pikeun digawé, contona: mars siliwangi, ngawuluku
·         Kakawihan pikeun mépéndé, contona: nelengnengkung
·         Kakawihan pikeun protés sosial, contona: ayang-ayang gung, hatiku jang wawan
            Dumasar basana, umumna kakawihan maké basa sunda tapi aya ogé anu dicampuran ku basa séjén upamana basa Indonésia jeung jawa, contona: punten mangga, slep dur.
            Dumasar waktuna, lolobana kakawihan dipaké ti beurang atawa beurang jeung peuting, tapi aya ogé anu dipakéna ti peuting wungkul saperti bulan tok.
            Dumasar wangunna, kakawihan kabagi jadi dua nya éta:
·         Kakawihan wangun dialog, contona: eundeuk-eundeukan lagoni, ngala hui
·         Kakawihan wangun monolog, contona: ayang-ayang gung, bulantok, pacici-cici putri
            Dumasar eusina, kakawihan loba ngagambarkeun kahirupan masarakat sunda dina mangsa kakawihan diciptakeun. Upamana kakawihan “ayang-ayang gung” disabit-sabit mangrupa bagéan tina kahirupan R. Rangga Tanuwijaya, perintis nu ngadegkeun kota bogor dina abad ka-17.

4. Patalina Kakawihan jeung Kaulinan
            Dina kahirupan masarakat sunda, mekarna kakawihan moal bisa leupas tina kaulinan. Lantaran dua hal éta teu bisa dipisahkeun. Lamun barudak arulin pasti waé maké kakawihan baheula mah. Malah dina klasifikasi kakawihan dumasar fungsina salasahijina aya anu disebut kakawihan pikeun kaulinan. Aya deui nu ngabagi kakawihan pikeun kaulinan jadi dua, nya éta:
§  Kakawihan dipaké ngamimitian kaulinan, contona: cingciripit
§  Kakawihan dipaké disapanjang kaulinan, contona: bolo bogem, ucang angge, punten mangga
            Ku kituna tangtu waé kakawihan jeung kaulinan téh raket pisan patalina, lantaran kaulinan bagéan tina kakawihan dimana aya kakawihan tangtu waé aya kaulinan.

5. Kamekaran jeung Kalungguhan Kakawihan dina Masarakat Sunda
            Kahirupan kakawihan sunda robah luyu jeung  jeung kahirupan masarakat sunda sorangan. Teksna, basana, fungsina. Judul-judul kakawihan anu aya Dina SSKK kiwari geus teu kapanggih. Tapi geus pasti ti taun 1518 kakawihan geus aya. Saméméh aya media éléktronik saperti radio jeung televisi, kakawihan ceuyah pisan, biasana temana nyokot tina kahirupan masarakat sunda sorangan, tina tutuwuhan atawa sasatoan.
            Kiwari lantaran arus globalisasi, ngabalukarkeun barudak kaleungitan dunyana sorangan, kitu ogé kana kamekaran kakawihan ayeuna. Kahirupan barudak ayeuna dina kahirupan utamana dina kaulinan béda pisan jeung kahirupan kolotna jaman baheula. kaulinan barudak ayeuna teu miboga filosofi atikan condong kana sikep anu konsumtif jeung individualistik. Barudak jaman baheula  ditantang ku lingkungan alam dimana manéhna  hirup. Barudak jaman baheula bisa ngamanfaatkeun naon waé anu aya dilingkungan sabudeureunana. Balukarna, barudak jaman baheula kreatif, siap nyanghareupan naon waé anu jadi hahalang.
            Padahal kalungguhan kakawihan dina kahirupan masarakat sunda ti baheula luhur pisan ajénna. Lian ti mangrupa salasahiji wangun apresiasi, kakawihan ogé mupuk sipat solidaritas, pemberani, kreatif jeung nyaah ka lingkungan. sanajan wangunna sederhana tapi tina kaulinan jeung kakawihan éta sacara teu langsung miboga makna anu hadé pisan utamana dina pemupukan sikep mental budak, bakal katingali ogé rasa solidaritas anu gedé, bisa dipastikeun budak bakal leuwih komunikatif, budak moal pasif anu dipiharep kadituna budak bisa ilibiung aktif dina kahirupan masarakat.