1. Wangenan
Kakawihan
Kakawihan asal kecapna tina kawih,
anu hartina rakitan basa sabangsa dangding nu teu maké patokan pupuh. Ari
ngawih nya éta ngalagukeun kawih atawa sisindiran. Ieu kakawihan téh kaasup
kana folklor lisan wangun puisi klasik
atawa sastra buhun, gelarna dina sastra Sunda mangrupa sastra sampakan. Tapi nu
boga kakawihan téh lain ngan ukur urang sunda waé, unggal sélér bangsa ogé
miboga kakawihan séwang-séwangan.
Istilah
kawih ieu geus lila disebut-sebut ku urang sunda, di antarana nu ditulis dina
naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesian
Hayang nyaho di Sakweh ning kawih ma: kawih bwatuha,
kawih panjang, lalaguan, kawih panyaraman…………………………………(SSKK:83)
Upama
niténan éta teks, sakurang-kurangna kecap kawih digunakeun dina sabudeureun
taun 1518 M, malah mungkin bisa leuwih awal. Ngaran kawih anu disebut dina teks
teu bisa dicindekeun naha kakawihan atawa tembang ayeuna.
Tapi
istilah kakawihan kiwari dihartikeun lagu-lagu anu sok dinyanyikeun ku barudak
bari ulin nepi ka sakapeung disebut kakawihan barudak atawa kaulinan barudak.
Wibisana spk.(2000:387) nyebut lagu ra’yat, hartina lagu jeung lirikna geus
baku, sipatana anonim jeung nyebar ti jaman baheula.
2.
Ciri- ciri Kakawihan
Lantaran
kakawihan bagéan tina folklor, ku kituna sabagian ciri folklor dipimilik ku
kakawihan, diantarana:
v
Sumebarna
tatalépa ngaliwatan lisan, nu matak kakawihan sok disebut sastra balaréa
v
Sipatna
tradisional
v
Aya
varian jeung versi, upamana aya teksna nu béda sautak-saeutik sedengkeun
wirahmana sarua atawa sabalikna
v
Umumna
anonim
v
Polos
jeung lugu, sakapeung jiga kasar jeung spontan (Dananjaya, 1984:3-4)
3.
Klasifikasi Kakawihan
Kakawihan
bisa diklasifikasikeun dumasar fungsina,
basana, waktu ngawihkeunana jeung eusina. Dumasar fungsina, kakawihan dibagi
deui jadi sababaraha bagéan:
·
Kakawihan
pikeun kaulinan, contona: cingciripit, ayang-ayang gung
·
Kakawihan
pikeun digawé, contona: mars siliwangi, ngawuluku
·
Kakawihan
pikeun mépéndé, contona: nelengnengkung
·
Kakawihan
pikeun protés sosial, contona: ayang-ayang gung, hatiku jang wawan
Dumasar
basana, umumna kakawihan maké basa sunda tapi aya ogé anu dicampuran ku basa séjén
upamana basa Indonésia jeung jawa, contona: punten mangga, slep dur.
Dumasar
waktuna, lolobana kakawihan dipaké ti beurang atawa beurang jeung peuting, tapi
aya ogé anu dipakéna ti peuting wungkul saperti bulan tok.
Dumasar
wangunna, kakawihan kabagi jadi dua nya éta:
·
Kakawihan
wangun dialog, contona: eundeuk-eundeukan lagoni, ngala hui
·
Kakawihan
wangun monolog, contona: ayang-ayang gung, bulantok, pacici-cici putri
Dumasar
eusina, kakawihan loba ngagambarkeun kahirupan masarakat sunda dina mangsa
kakawihan diciptakeun. Upamana kakawihan “ayang-ayang gung” disabit-sabit
mangrupa bagéan tina kahirupan R. Rangga Tanuwijaya, perintis nu ngadegkeun
kota bogor dina abad ka-17.
4.
Patalina Kakawihan jeung Kaulinan
Dina
kahirupan masarakat sunda, mekarna kakawihan moal bisa leupas tina kaulinan.
Lantaran dua hal éta teu bisa dipisahkeun. Lamun barudak arulin pasti waé maké
kakawihan baheula mah. Malah dina klasifikasi kakawihan dumasar fungsina
salasahijina aya anu disebut kakawihan pikeun kaulinan. Aya deui nu ngabagi
kakawihan pikeun kaulinan jadi dua, nya éta:
§ Kakawihan dipaké ngamimitian
kaulinan, contona: cingciripit
§ Kakawihan dipaké disapanjang
kaulinan, contona: bolo bogem, ucang angge, punten mangga
Ku
kituna tangtu waé kakawihan jeung kaulinan téh raket pisan patalina, lantaran
kaulinan bagéan tina kakawihan dimana aya kakawihan tangtu waé aya kaulinan.
5.
Kamekaran jeung Kalungguhan Kakawihan dina Masarakat Sunda
Kahirupan
kakawihan sunda robah luyu jeung jeung
kahirupan masarakat sunda sorangan. Teksna, basana, fungsina. Judul-judul
kakawihan anu aya Dina SSKK kiwari geus teu kapanggih. Tapi geus pasti ti taun
1518 kakawihan geus aya. Saméméh aya media éléktronik saperti radio jeung
televisi, kakawihan ceuyah pisan, biasana temana nyokot tina kahirupan
masarakat sunda sorangan, tina tutuwuhan atawa sasatoan.
Kiwari
lantaran arus globalisasi, ngabalukarkeun barudak kaleungitan dunyana sorangan,
kitu ogé kana kamekaran kakawihan ayeuna. Kahirupan barudak ayeuna dina
kahirupan utamana dina kaulinan béda pisan jeung kahirupan kolotna jaman
baheula. kaulinan barudak ayeuna teu miboga filosofi atikan condong kana sikep
anu konsumtif jeung individualistik. Barudak jaman baheula ditantang ku lingkungan alam dimana
manéhna hirup. Barudak jaman baheula
bisa ngamanfaatkeun naon waé anu aya dilingkungan sabudeureunana. Balukarna,
barudak jaman baheula kreatif, siap nyanghareupan naon waé anu jadi hahalang.
Padahal
kalungguhan kakawihan dina kahirupan masarakat sunda ti baheula luhur pisan
ajénna. Lian ti mangrupa salasahiji wangun apresiasi, kakawihan ogé mupuk sipat
solidaritas, pemberani, kreatif jeung nyaah ka lingkungan. sanajan wangunna
sederhana tapi tina kaulinan jeung kakawihan éta sacara teu langsung miboga
makna anu hadé pisan utamana dina pemupukan sikep mental budak, bakal katingali
ogé rasa solidaritas anu gedé, bisa dipastikeun budak bakal leuwih komunikatif,
budak moal pasif anu dipiharep kadituna budak bisa ilibiung aktif dina
kahirupan masarakat.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar